Sabtu, 20 April 2013

KATA-KATA UNTUK MENGUCAPKAN SELAMAT HARI RAYA IDUL FITRI DALAM BAHASA SUNDA



• Dijurung andum rahayu, dina mangsa bengras rasa, urang tundung kawuwung kabingung, mapag dewangkara rasa. Mugia malati ligar na ati lir dangiangna poe nu fitri. Taqobalallohu mina waminkum syiamana wasyiamakum.
• Batin nu usik nyaliksik ngawincik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kadudut pupuhu qolbu, mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. Minal aidin wal faidzin. Taqobalallohu mina waminkum syiamana wasyiamakum.
• Carita nu matak rengat kana manah, lisan nu teu merenah matak nalipak rasa, saur nu niruk kalbu, laku nu teu luyu, mugia tong dianggo katugenah. Neda sihapunten lahir tumakaning batin. Minal aidzin wal faidzin.
• Gagang pacul potong, bedog rarompang, kampak dekol parunglak, kenténg imah balocor, panto rarujad, waluya jadi eusi cubluk, leuweung darugul, sagara lautan kiruh. Duh Gusti Nu Agung, hampura dosa manusa, boh lahirna, boh batinna, amiin. Minal aidin wal faidzin.
• Poho jeung kahaja jalma tempatna, laku-lampah tur basa pantesna euweuh nu nyalahkeun ka salira, pangampura nu diteda maheutkeun tali ka sasama jalma. Taqobalallohu mina waminkum syiamana wasyiamakum, Minal aidin wal faidzin.
• Tina ati nu wening tur iklas, simkuring neda hapuntenna, rumaos diri sakapeung sok kaancikan ieu aing uyah kidul. Dina dintenan nu fitri ieu, urang silih lubarkeun kalepatan. Wilujeng boboran siam 1430 Hijriyah
• Ginulur rahayu kersana Nu Maha Agung, ginanjar bagja kersana Nu Maha Kawasa. Agungna ping 1 Syawal urang papag ku kaiklasan sareng kajembaran manah, ngalubarkeun kalepatan lahir batin antawis urang. Mugia Alloh SWT ngabulkeun kana pamaksadan urang. “Wilujeng Boboran Syiam 1 Syawal 1428 H” Sihapunten lahir tumekaning batin ti abdi sakulawargi… Amiiin. Wassalammu’alaikum.
• Bilih kantos kasisit sebit kapancah kaléngkah ucap, tina galih sareng manah nu setra. Seja nyanggakeun “Wilujeng boboran Syiam 1428 H” Neda sihapunten lahir sareng batin.
• Sajatining manusa kumelendang di alam dunya, éstu taya nu baqo, taya nu sampurna. Nyérélékna waktu nu kalaku, lampah lampah nu kasorang tangtu aya tatu jeung cawadna. Ku kituna dina wangkit ieu simkuring seja nyungkeun kaweningan galih mugi kersa ngahapunten samudaya kalepatan sareng kakhilapan… lahir tumekaning batin…
• Sanajan ramo teu pataréma, sanajan urang paanggang, tapi haté teu aya hahalang. Ti salebeting manah anu wening, simkuring neda widi ngahapunten sagala kalepatan, hapuskeun sagala dosa diri
• Bari tafakur neuteup léngkah batur, horéng katetegan na batin urang sorangan. Wilujeng boboran siam. Lawung pangampura teu weléh muka ti Gusti, Amiin.
• Sora bedug meupeus layung, nyingraykeun lalangsé langit, ngucurkeun cai suci nu nyarakclak minuhan umat. Taqobalallohu mina waminkum. Neda sihapunten samudayaning kalepatan.
• Medal tina sugrining kaweningan galih, diwuwuh karumaosan ucap lampah teu merenah, aya pamundut nu saéstu, salira wening galih jmbar manah, kersa ngahapunten.
• Cai soca teu kariksa, raheut manah nu teu kahaja, mugi janten pangampura ucap lampah nu teu kajaga tur samudaya kalepatan. Minal aidin wal paidzin.
• Hiliwir angin takbir sabada saum akhir, neda sihapunten tina sadaya kalepatan. cuang sétrakeun karungsing ku cihampura nu wening.
• Saninten buah saninten, saninten di parapatan, hapunten abdi hapunten, tina samudaya kalepatan. Taqobalallohu mina waminkum siamana siamakum.
• Lamun langit angkeub kaleleban méga hideung nu teu disangka baris kasorang, seungitna katresna urang kalimpudan katugenah na ati, ukur rasa guligah nu kiwari marengan, kaseret diri tina harti. Mugia bangbaluh anu sok biasa munjungan, mugia kalangkang nu sok marengan, nampi malati nu seret ku harti, nyinglarkeun angkeubna lalangit haté
• Sahéngna amarah, ngentab népa raga nyangkalak jiwa. Geus tiis ayeuna mah, mangsa mapag Idul Firi dina tungtung Ramadan, anu geuningan ngan sakiceup ninggalkeun, anu boa bakal kasorang deui. Andum pangéstu neda jembar pangampura. Taqobalallohu mina waminkum.
• UPAMI cahaya tos hibar, gumiwang fajar sinangling dina sabar. Sasasih ngadalian nafsu akbar, tos dugi ka wanci rajaning bagja. Hapunten samudayaning kalepatan.
• NU waas moal laas, geter haté tetep ramé, najan henteu patepung lawung- paamprok jonghok. Dina boboran siam ayeuna, urang lalayaran dina lautan hampura. Sim kuring neda tawakup anu kasuhun, neda jembar sihapunten lahir tumekaning batin. Taqobalallohu mina waminkum.
• Binarung rasa nu lénglang, neda agung cukup lumur jembar pangapunten tina samudayaning kalepatan. Mugia balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gedé sasapuan. Wilujeng boboran siam 1430 H.
• Nyucikeun panyakit ati, ngikhlaskeun manah tugenah. Wilujeng lebaran. Hapunten binarung ikhlas, ngalubarkeun ku ikhlasna
• Tina weningna ati nu surti, tina mumunggang rasa nu ageung rumasa, bilih aya tutur saur nu teu kaukur, aya lampah nu teu merenah, tur lisan nu ngajaheutkeun manah, neda pangapunten lahir tumekaning batin, mugi luntur qolbu jembar pangampura. Wilujeng boboran siam 1430 H. Taqobalallohu mina waminkum siamana wasiamakum minal ‘aidin walfaizin.
• Bilih aya luhur saur bahé carék, tutur nu teu kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah, di bulan nu pinuh barokah iru hayu urang silih lubarkeun silih hapunten lahir batin, hayu urang mapag 1 Syawal 1430 H ku kabungahan tur kaikhlasan.
• ti Lahir datang ka Bathin..Pamundut nu kapihatur, ligar manah ku kaikhlasan. tiasa ngalubarkeun. tina sanes kanten samudaya kalepatan, inggis catur teu kaukur, lampah lali nincak salah, neda sihapuntenna. Wilujeng boboran siam 1429 H
• Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “wilujeng boboran shiam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.
• Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bln pangharepn gs lekasan poe fitri nembongan. Neda sihapunten
  • Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran siam
  • Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya  kalepatan. wilujeng boboran siam
  • Bersih galih nu diperdih, leah mana nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nukasuhun
  • Nyucruk laku sunah rosul, mapay lacak agama islam, gema takbir nu agung dipungkas kutali silaturahim neda pahampura kasadayana wilujeng boboran siam
  • Jatidiri nusuci rasajiwa anu tanpa noda mugia singngajadi disarengan ku imantaqwa nuantukna nundakanyaah nyimpen kadeudeuh silih hampura kapapada jalma, panuhun sihapunten sadaya
  • Kaluluputan kalelepatan simkuring saparakanca, wilujeng boboran siam nyuciken diri k ilahi, ngahampura diri ka gusti nu suci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, wilujeng boboran siam
  • Nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. wilujeng boboran siam
  • Bilih aya langkung saur bahe carek , Kaciwit kulit kabawa daging, Tunggul dirurut catang dirumpak, Nyungkelit ati teugeunah manah, Mudut pangampura , Wilujeung boboran shiam 1430 H
  • Sugrining runtah kalepatan dina manah , nyeuri peurihna ati sanubari , mugia lubar ku silaturahmi,Wilujeng boboran shiam 1430 H . Taqobalallahu minaa waminkum
  • Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari., Neda dihapunten kana samudaya kalepatan, bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu Minna Wa Minkum, Wilujeung Boboran Shiam 1430 H
  • Weninggalih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya.. Wilujeng boboran shiam 1430 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum
  • Nyucruk laku sunah Rasul, mapay lacak agama islam, gema takbir nu agung dipungkas kutali silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran shiam 1430 H
  • Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqoballhu minnawmnkum,taqobalahuyakarim.

2 komentar: